Labels

Langsung ke konten utama

Sisindiran

Sisindiran nyaéta puisi tradisional Sunda anu mibanda cangkang jeung eusi. Kecap ‘sindir’ dina sisindiran mibanda harti omongan, atawa cariosan anu henteu togmol  (langsung).
Dina sastra Sunda sisindiran disebut karya sastra anu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalébérkeun. Dina sisindiran eusi atawa maksud anu dikedalkeun teh dibungkus ku cangkangna. Sisindiran deukeut pisan jeung kahirupan masarakat Sunda sabab manéhna bisa ngutarakeun fénoména nu aya di sakurilingna.
Sisindirian bisa dibagi jadi 3 jinis, diantarana :
Rarakitan, tina kecap asal ‘rakit’ atawa sarakit. Rarakitan bisa dibagi jadi 3 rupa, aya rarakitan silih asih (nyaritakeun kisah cinta, atawa birahi), rarakitan piwuruk (naséhat), ogé rarakitan sesebréd (humor).
Conto rarakitan :
Batur mah ka marga cinta
Kuring mah ka nagrak baé
Batur mah dipika cinta
Kuring mah ditolak baé

Daék kuring nyabut sampeu
Asal dibéré beutina
Daék kuring nyebut eceu
Asal kuring dibéré adina

Munjung ulah ka gunung
Muja ulah ka sagara
Munjung kudu ka indung
Muja kudu ka papada

Tong tiwu-tiwu teuing
Dék bonténg balig baé
Tong kitu-kitu teuing
Dék goréng baréto baé

Paparikan, tina kecap asal ‘parek’ anu hartina deukeut. Sarua jeung rarakitan, paparikan ogé bisa dibagi jadi 3 rupa, aya paparikan silih asih (nyaritakeun kisah cinta, atawa birahi), paparikan piwuruk (naséhat), ogé paparikan sesebréd (humor).

Conto paparikan :
Cau naon-cau naon
Cau ambon dina nyiru
Bau naon bau naon
Bau hitut nu di juru

Di dieu loba nyéré
Nyéré kapéntil kabéh
Di dieu loba awéwé
Awéwé caréntil kabéh

Ka leuweung-leuweung ku dangdeur
Kembang bonténg di astana
Ka deungeun-deungeun ku bageur
Ka kuring kieu rasana

Tari kolot bojong kaso
Baban loba hayamna
Beuki kolot beuki nyaso
Beuki loba kahayangna

Samping hideung dina bilik
Kumaha moékeunana
Bujur hideung euweuh milik
Kumaha gentikeunana

Kincir kita kincir kita
Kincir ngait kana awi
Pikir cinta-pikir cinta
Pikir ngait ka sim abdi

Wawangsalan, tina kecap ‘wangsal’ anu hartina balik. Wawangsalan biasana diwangun ku sindir jeung eusi, dina sindir diwangun deui ku wangsal jeung cangkang.  Aya ogé wawangsalan anu mangrupa Tatar Ucingan.

Conto wawangsalan :
Daging leutik ditiiran
Abi mah sok nyeri haté
Eusina nyaéta : Saté

Beurit siit samadarat
Kapiraray siang wengi
Eusina nyaéta : Oray

Durudugdag durudugdag
Meuli baju teu ka bedag
Eusina nyaéta : Bedug

date : 020311
Hi..saya Anisya Oktavianie, biasa dipanggil ica, raica dan bidadari surga. Aamiin. :)

Komentar