Labels

Langsung ke konten utama

Basa (Bahasa) Kawi

Basa Kawi nyaéta salah sahiji bahasa anu digunakeun dina jaman baheula di daerah Jawa. Basa Kawi nyalira mangrupikeun campuran tina Basa Sansekerta sareng Basa Jawa Asli. Bahasa kawi kalebet salah sawios bahasa Austronesia mung seueur pisan serapan tina bahasa Sansekerta. Sanaos basa Kawi seueur pisan nyerep kosakata tina Sansekerta, namung dina tatabasana basa Kawi teu nurutan tata basa Sansekerta anu kacida sesahna.
Kawi sorangan mibanda arti Penyair, anu dina jaman ayeuna mah langkung dikenal ku istilah Pujangga. Arti éta dicandak tina kecap “kavya” (Sanskerta) anu artina téh nyaéta puisi atanapi syair, sami hartosna sareng Kakawin. Mimitina kecap “kawi” tina basa India mibanda arti hiji jalma anu kalintang luar biasana, nyaéta jalma anu bisa ninggali kaayaan dina mangsa nu acan datang, jalma bijak. Dina hartos anu séjénna deui, utamina dina Sastra Klasik, istilah basa Kawi sami hartosna sareng anu disebatkeun diluhur nyaéta panyair, pancipta atawa pengarang (Zoutmulder, 1985: 119-120). Numutkeun kana sababaraha hiji pengertian di luhur bahasa Kawi dihartoskeun janten basana para  pangarang, atau pujangga.
Basa Kawi disebatkeun ngagaduhan kabeungharan lahir sinareng batin, kunaon margina? Sabab dina jaman baheula anu disebur para panyair téh biasana dilahirkeun tina golongan karajaan “Mahardika”.
Dina parobahan jaman, basa Kawi ogé ngalaman sababaraha hiji parobahan, saperti parobahan tina istilah ngaran anu asalna basa Kawi dirobah jadi basa Jawa Kuno. Hal ieu bisa ditingal tina hasil Simposium dina taun 1975, anu eusina téh nyaéta istilah basa Kawi digentos janten basa Jawa Kuno disababkeun ku alesan jang “Kesinambungan Bahasa”. Kitu ogé para ahli peneliti basa Kawi saperti Humboldt, Kern, Purbatjaraka, katut ahli anu séjénna nyatujuan kana parobahan éta.
Upami ditingal tina sejarahna, basa Kawi parantos digunakeun ti abad ka-9, hal ieu ngabuktikeun yén basa Sanse langkung tipayun digunakeunana tibatan basa Kawi. Sumber­-sumber sajarah basa Kawi nyalira tiasa ditingal tina piagam-piagam sareng prasasti anu tos lami. Salah sahijina nyéta, Prasasti Sukabumi, anu dina pananggalanana disebatkeun yén éta téh didamel keur “taun 726 Saka, bulan Caitra, dina poé kasawelas satengah caang, poé Haryang Wage, Saniscara..”. Numutkeun kana prasasti éta Prof. Dr. P.J. Zoetmulder nyimpulkeun yén Prasasti Sukabumi téh diserat dina kaping 25 Maret taun 804 Masehi.
Prasasti Sukabumi nyalira, mangrupikeun prasasti mimiti anu nganggo basa Jawa Kuno atanapi Kawi, ti mangsa harita basa Jawa Kuno jadi seueur dianggo dina dokumen-dokumen anu resmi. Kusabab kitu, Prasasti Sukabumi janten hiji-hijina Prasasti anu ngamimitian tina sajarah Basa Jawa Kuno atanapi Basa Kawi.
Bukti sanesna anu aya hubunganna sareng basa kawi nyaéta mangrupi Naskah Candakarana. Upami numutkeun kana seratan Prof Dr. RMG Poerbatjaraka, dina buku “Kepustakaan Jawa”, anjeuna nyebatkeun yén naskah anu paling kolot téh nyaéta Candakarana. Dina Naskah Candakarana nyalira, eusina téh mangrupikeun elmu ngeunaan kumaha carana lamun hayang nyieun Kakawin (syair Jawa Kuno) jeung daptar kecap-kecap basa Kawi (mangrupi Kamus). Naskah ieu disebat naskah pangkolotna, sabab dina eusina disebatkeun salah sahiji raja turunan Syailendra anu ngawangun Candi Kalasan, kurang leuwih dina taun 700 Saka atawa taun 778 Masehi.
Kakawin asal kecapna tina kawi sareng kawiyan hartosna téh nyaéta sertan anu aya hubunganana sareng panyair. Kakawin kalebet kana Genre Sastra, anu upami ditingal tina Khasanah Sastra Nusantara mah kakawin anu mimiti diserat téh nyaéta Kakawin Ramayana ti India. Kakawin nyalira ngagaduhan seueur versi atanapi varian, versi anu paling kawéntar nyaéta anu aya dina abad ka-2 Masehi. Kakawin mimitina mangrupikeun pola metrum Sansekerta, janten India ngawariskeun pola metrum kanggo Indonesia. Salajengna, saatos islam lebet ka Indonesia pola metrum nu aya janten dipangaruhan ku pola metrum Arab. Kakawin nyalira, ngagaduhan pola metrum Sansekerta ogé henteu nganggo pola metrum nu aya di Nusantara. Kakawin Ramayana dipikaresep sabab mibanda kaéndahan dina hal eusi sareng bentukna anu unik.



Tugas Semester V - Bahasa Kawi
Hi..saya Anisya Oktavianie, biasa dipanggil ica, raica dan bidadari surga. Aamiin. :)

Komentar